Kawénéhan
GEUS kajudi. Jalan téh enyaan sepi. Ngaliwat ka kebon tiwu nyorangan wanci tengah peuting jiga kieu, paling ogé disebut nu weureu.
Leungeun tipepereket nyekel stang. Gas ditarikan. Sora knalpot motor ngaweuhan, tinggelendrung nakolan mangréwu tangkal tiwu nu rajeg kenca katuhu.
Teu lila, aya lampu nu nyebrot ti tukang. Ca'ang. Haté bungangang, asa aya nu maturan. Beuki deukeut beuki mabra, jalan di hareupeun jadi atra kawas tibeurang. Hémeng, aya lampu mobil sakieu cangrana. Jeung deui asa teu kadéngé sorana. Dirérét tina kaca spion, sérab ku ngelemengna warna pérak.
Gas rada dikendoran, lah-lahan ngalieuk ka tukang. Édas, ngan sakilat nu nyaangan téh geus aya gigireun. Kaayaan jiga tengah poé éréng-éréngan.
Jéntré. Teu nyurup mobil saeutik ogé. Ngalayang luhureun aspal...
Kulit leungeun mimiti ba'al.*
Asep Komara - kisuta.com


