Cimata Garwa
PEUTING jangkep. Indung Si Cikal ngalempréh. Awakna nu rangkebong katutupan simbut, katara rata jeung kasur. Rénghapna kerep kabaseuhan késang. Renung na tarang nu kariput. Maseuhan irung jeung pipi nu totol kokoloteun.
“Naon nu karaos Bu, ka dokter nya?” cekéng téh, bari ngusapan dadana.
“Laleuleus sareng rada lieur. Moal nanaon, nembé tos minum obat. Bilih Bapa badé ka ditu mah, mangga wé. Wios Ibu mah…” Bari neuteup. Tetep deudeuh.
“Moal, Bapa bobo di bumi wé,” cekéng, teu téga. Piraku kilir ninggalkeun pamajikan gering.
“Teu nanaon Ibu mah. Leres, ikhlas Pa,” pokna. “Ibu mah hawatos wé ka Bapa. Pulang anting ka ditu ka dieu. Seueur nu kedah diémutan. Sok asa mangcapékeun.” Ngalimba. Berebey cipanona maseuhan renung késang.*
Abu Ainun - kisuta.com


