Sastra & Humor
Fikmin
Bulucun
Kamis, 23 Februari 2017
KULISIK. Bray beunta. Rumpu rampa kana daster nu ngalumbruk kasaréan. Rap dipaké. Gombrang mungkus nu bulucun. Emh, saringset kénéh geuning. Paleungkeur nepika jerona.
“Teu kedah neuteup kitu ah, isin. Mending geura ibak, atanapi badé sareng?” Indung Si Bungsu molotot bari imut. Ngagebah hareugeueun. Asa basa geus peuting munggaran, duawelas taun kaliwat.
Sumanget cengkat. Nyangkéh ngaléng muru kamar mandi. Dibanjuran diruruan. Dieunteungan euweuh nu beureum. Atoh kacida. Tétéla sanajan adug lajer gé tadi peuting mah teu ngongkorongan.
Plong! Jadi engké maheutkeun Si Dénok téh. Moal nyangkaeun mun geus dua.*
Abu Ainun - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


