Hujan
LANGIT poék. Pihujaneun sabreg-bregeun.
“Pah, Neng sieun poék….”
“Ulah sieun, Neng. Sanés nanaon éta mah.”
“Kunaon, Pah, langit téh hideung?”
“Pan bade hujan, Néng.”
Jelegér! Sora guludug tarik pisan, dituturkeun buricakna cahya kilat.
“Pah,Neng sieun guludug…” Laju ngagabrug.
“Ulah sieun, Néng. Sanés nanaon éta mah.”
“Kunaon aya guludug, Pah?”
“Pan badé hujan, Néng.”
“Naha kedah aya hujan, Pah?”
“Hujan téh saé, Néng. Geuning, kekebul nu aya di jalan, di buruan, ‘na kenténg, kasapukeun ku cihujan. Janten beresih. Seger. Taneuh gé baseuh kahujanan mah. Caina kangge ibak, Néng, eueut, nyeuseuh anggoan…. “
“Saur tipi gé cihujan téh janten banjir. Néng mah hawatos ku nu kabanjiran. Mending ulah aya hujan nya, Pah?”
Néng mah alit kénéh. Teu acan terang. Hujan téh nyindiran ka jalmi nu adigung. Cihujan mah teu katingal usikna, terang-terang tos séép sagalana wé.
“Néng, huhujanan geura sok! Pasti resep geura…” Disalénggorkeun. Dirérét. Néng nuju tibra dina lahunan.*
Deni Riaddy - kisuta.com


