Harepan
ENYA, harepan. Harepan nu dikeukeuweuk dina pangacian. Tina petétan-petétan jadah. Duka pitangkaleun naon, duka beutian, duka buahan. Nu kainget ngan lebah ngancikna. Basa ngahaja dirabut, petétan-petétan pitangkaleun téh ngalayah di sisi jalan gedé. Tuluy dibawa balik. Karék engeuh, basa pamajikan nalék: Badé dipelak di mana? Apan teu gaduh kebon, bumi gé ngontrak. Silih-pelong jeung pamajikan. Sarua bingungna. Tuluy badami. Petétan pitangkaleun téh dibungbun dina plastik urut cangkang ciki, tuluy diteundeun, dijajarkeun di hareupeun kontrakan. Jalegjreg, daunna teu témbong layu. Unggal soré-isuk dicéboran, ngarah téréh jaradi tangkal. Téréh akaran. Téréh sirungan.
Duka tangkal naon. Duka beutian, duka buahan. Ukur nyarandé kana sugan jeung sugan. Sugan wé isuk-géto mah petétan-petétan téh jaradi tangkal nu kayu-na teuas. Teu jadi satihangeun ogé, atuh sugan jadi sapanééreun, kukumpul keur piimaheun. Leng, kasawang deui. Lamun téa mah tangkal-tangkal harepan nu dicecebkeun di hareupeun kontrakan geus ngarandakah, naha bakal kapimilik? Apan tanahna gé lain nu kuring. Lain.*
Ajang Yustiana - kisuta.com


