Sastra & Humor
Fikmin
Hayang Jadi Nu Kadua
Kamis, 16 Maret 2017
KAHARIWANG nu salila ieu dipikahariwang bet kasorang. Kedal ogé paménta indung si cikal. “Ayeuna mah Ibu hoyong janten nu kadua,” pokna daria naker. “Hoyong Ibu gé langkung diperhatoskeun ku Bapa. Langkung dipikageugeut, sering dikumaonaman deui,” cenah. Leng. Lain paménta lalawora. Lain saukur ngaronjatkeun itungan tina kahiji jadi kadua. Ieu mah butuh prosés nu lain bantrak-bantrakeun méméh tajil. “Nawet kahayang téh lahuta. Panginten kedah ngarévisi pernikahan heula atuh, Bu?” Cekéng téh. “Alim ari kedah dipirak mah. Sanaos halal, pan dibenduan ku Gusti,” cenah. Lung leng. Euweuh nu ngulemeng. Sababaraha jongjonan mah ngahuleng.*
Abu Ainun - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


