Sastra & Humor
Fikmin
Eunteung
Sabtu, 18 Maret 2017
“HEI, eunteung! Kumaha kuring ceuk anjeun?” Dungdak déngdék. “Geulis, jungjunan!” Bari nungkup sungutna, nahan seuri. Teu dipaliré. “Nuhun...” Léos ka dapur. Pakpikpek babacak nyiapkeun deungeun sangu. Wanci pecat sawed, jol salakina ti sawah. Sor, ci téh haneut jeung lalawuhna kulub sampeu. “Badé teras tuang? Atanapi…?” Teu kebat, imut surti ka salakina. Rérés ngawulaan nu jadi salaki, jul jol barudak ti sakola. “Aa, Tétéh, sok emam heula! Tong hilap netepan...” Kantong, sapatu dirawu diperenahkeun. Wanci nyedek ka peuting. Salaki jeung barudak geus tibra sugema. “Hei, eunteung! Kumaha kuring ceuk anjeun?” Lila simpé. “Geulis, jungjunan!” Sorana nyelek semu handeueul…*
Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


