Jangji
ASA kareungeu kénéh haréwosna. “Hiji waktos, pami Ajeng nuju ngadonan, ku Galuh ditangkeup ti pengker nya?” Rus-ras ka nu ngahiang euweuh raratan. Mangratus-ratus adonan geus dijieun, tapi manéhna jempling ninggalkeun kingkin. Jampé pamépés kakangen iwal ti maca buku karyana. Aya kuring jeung manéhna ngalalakon didinya.
Pikiran teu weléh kumacacang. Ngangon kasono bari anteng murilkeun adonan Soute Bollen, dibentuk angka dalapan. Angka nu sampurna. Meulit euweuh tungtungna. Kitu kahayang mah urang téh, Luh. Babarengan nepi ka ahir barangkali dipapag ku pati.
“Ajeng...” Gebeg... kana cangkéng aya nu meulit. Ana dirérét, kalangkang ngajuringkang . Anginna nyuaykeun lambaran novel nu can anggeus dibaca. Cul gawéan, ceg kana buku. Reuwas...sakabéh ngaranna ngahiang tina carita.*
Tiktik Rusyani - kisuta.com


