Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sketsa Hujan

Kamis, 23 Maret 2017

HUJAN ngecrek ti kamari. Meuntas panjangna peuting. Cacap nepi ka ayeuna. Manggih poé deui. Pabeubeurang. Bi Jua nunda kapucino panasna dina méja. Gelas ka dua. Padahal, nu tadi isuk gé aya kénéh. Teu ditoél-toél acan. Nyéh! Imut ka kuring, nu anteng neuteup curug cihujan, bari ngahuleng hareupeun jandéla. Kerecekna jeung séahna hujan nu kaanginkeun, ngoyagkeun anggrek kameumeut kuring. Geus saminggu teu dipiroséa. Rét, ka Bi Jua. Nu keur nangkeup harigu. Mantelna diraketkeun. Tiriseun, tayohna mah. Estu tirisna nyecep nepi ka sumsum balung. Anéhna, kuring mah bet kalah bayeungyang. Usum siga ngabagéakeun pisan keur nu poé ieu walimatul ursy mah. Silih keukeupan na haneutna simbut. Enya gé lain peuting munggaran. "Sing iklas nya! Pan si Aa teh nunggal. Jabang bayi nu dikandung ku Citra téh keur nuluykeun turunan." Nongtoréng kénéh sora mitoha saminggu kaliwat. Keclak cipanon ngalémbéréh mapay pipi. Jelebétna guludug awor jeung jeritna jeroeun dada. Enya rumasa…*

Rini Mayasari - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya