Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Antara Kuring, Manéhna, jeung Pamajikan

Jumat, 24 Maret 2017

TI keur bujangan kénéh, hayang boga kabogoh nu dijilbab téh. Karék ayeuna kabiruyungan. Sanggeus boga budak dua. Teu ngimpi-ngimpi acan éta gé. Nyanggut ku pédah nuduhkeun buku motivasi. Harita keur aya di perpustakaan. Papada resep bucu-baca. Bet ngaléok kana urusan haté. Manéhna anyar dikuciwakeun. Kabeneran deuih, kuring merenah pisan nancebkeun jamparing écéng kana mamarasna.
Ti saprak deukeut jeung manéhna, ka Alloh gé jadi deukeut. Ka nu lima waktu tara tinggaleun, da manéhna salawasna ngingetan. Polah nu teu nyampak ti pamajikan. Kalakuan caliweura nu salila ieu dikeureuyeuh kénéh, lalaunan caroplok sorangan. Lalaunan diganti ku katingtriman di pangsujudan.
Pamajikan teu curiga nanaon. Éstu jongjon tina pancénna salaku patih goah. Malah mah nuturkeun parobahan kuring. “Cobi upami ti kapungkur atuh, rajin solat, rajin wirid téh,” pokna. Malah basa hiji mangsa balik ti imah manéhna, tara-tara pamajikan nyampak keur ngeukeuweuk Al-Qur’an. Dijilbab. Pangling. ”Badé pangaosan,” pokna.*

Rudi Riadi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya