Duit Reuwas
PASOSORÉ. Torojol si Agus, tukang batu ali. "Pa, abdi gaduh batu saé. Madep sajawabarat pokona mah!" Goréhél, némbongkeun batu ali. Teu pati dipaliré, da sabenerna mah teu pati resep kana batu téh. Kabawakeun ku usum. "Mirah, Pa. Kanggo mésér béas." Baku si éta mah, ari geus ngomong keur meuli béas téh. Éléh déét,"sabaraha?" "Saratus mapuluh."
Isukna. Torojol babaturan. Salila ngobrol matana delak-delék waé kana batu ali nu dipaké. "Alus batuna euy, cikan nempo." Dilaan. Dialak-ilik. "Rék dikaluarkeun sabaraha?" "Kumaha énté we!" Teu wani nawarkeun, bubuhan ka babaturan deukeut. "Pék tah, juhratus!" Bari mikeun duit. Anjrit...! Reuwas. Duit buru-buru ditampanan. Bungangang. Bisa meuli sapédah keur si bungsu.
Saminggu ti harita. Babaturan norojol deui. "Tah méré!" Golosor, dua ratus réwu. "Duit naon ieu?" "Batu nu ti énté payu dua yuta!" Nyéréngéh. Anjrit.... Reuwas deui. Madep saénonésa ieu mah! Nu saratus dipisahkeun keur si Agus, cukup dualas kiloeun mah.*
Éboéd - kisuta.com


