Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Tapak

Selasa, 28 Maret 2017

SATENGAH lumpat bari huhujanan. Sanajan ti masjid ka imah deukeut, teu burung rancucut bari jibreg. Bray! Muka panto. “Kang, daging nu ‘na panci dikamanakeun?” Jikan nanya siga nu nganaha-naha. “Haaar duka teuing, Nyai…” Cekéng. “Dimana kitu nyimpenna?” Nu ditanya kalah ngahuleng. “Tadi mah disimpen dina panci luhureun kompor. Angkanan jangeun sopeun ayeuna. Nyadiakeun Akang ti masjid.” Sup ka dapur. “Moal kitu ku ucing?” Panasaran. “Moal mungkin ku ucing mah, da pasti pancina ragrag. Tuh pancina gé masih luhureun kompor kénéh….” Duaan pahuleng-huleng. Nyamos rék dahar ngeunah téh kaya kieu mah. Teup! Paneuteup euntreup dina témbok dapur luhureun kompor. “Nyai! Ari éta naon, siga tapak ramo?” Si Nyai nelek-nelek. Ngadeukeutan. “Aéh enya ning tapak ramo. Kuku…” Cenah. Ngadégdég. “ Éta nu beureumna téh getih, Kang?” Kuring unggeuk. Tapak ramo ngebat tina palapon nepi ka gigireun kompor. Getih garing jadi cicirén saha nu datang. Nu ngéwat daging atah.*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya