Beurit
MIMITINA mah hulu asin, nu sok leungit téh, kitu gé hulu asin susa-sésa. Diantep. Tibang gé hulu asin. Lila-lila geus lain huluna deui nu leungit téh, asin nu keur digarang 'na ayakan nu digantungkeun di paraseuneu gé remen leungit. Piraku ari ku ucing mah. Mimiti jéngkél. Teuteundeunan jadi leuwih tarapti, selot gogorobog disesegan. Aman. Deungeun sangu mah tara leungit. Ngan karung paré nu di goah jadi barolong handapna. Paréna dikorowot. Sekamna ngaleuya di juru goah. Mingkin keuheul. Geus moal nyalahan: kalakuan beurit, ieu mah.
Ditarékahan maké sentég, teu jétu. Kapaksa miara ucing. Anéhna, saban peuting gé tara kadéngé sora ucing ngungudag beurit. Jempling baé, bari angger paré dina karung mah aya tapak ngorowot. Kuuleun pisan ucing téh. Kalah nambah parabaneun hungkul. Komo ayeuna mah ucing téh anakan. Anéhna deui, anakna téh ari awak mangrupa ucing, ngan huluna mangrupa beurit. *
Ajang Yustiana - kisuta.com


