Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Hujan

Sabtu, 22 April 2017

DI antara ancakan hujan. Riak cileuncang. Waruga kota nu lawas muyudan. Kalakay impian. Sarta harepan nu terus sirungan jeung muguran sapanjang jalan. Manéhna. Jeung sadami napas dina kandungan. Beuki anggang negarkeun lalampahan. Teu reureuh nyéka lalakon ku késang jeung cimata. “Tong hilap, sumping nya dina waktosna…” Sora jajaka. Sora nu lana mergasa rasa. Rénghap deui. Karémpan ngarurungga dina sukma. Hégak deui. Lebah pilar murak sadrah jeung guligah. “Euis, geura tuturkeun bapa manéh ka dayeuh. Boa rénghap ema baris reuntas di dieu…” Sora indungna. Sora nu lana nugel ingetan. Randeg deui. Karisi beuki lantip nyarigsig usik. Kebat deui. Kumareumbing dina labirin wanci nu tigin ngulisikkeun demit. “Gugurkeun, siah!” Sora bapana. Sora nu lana nyaliarakeun werejit. Kandeg deui. Kalangkang piligenti narémbongan. Lunta deui. Ringkang bapana karasa beuki buringas ngarangsadan. Ahirna. Sakujur tatu. Anjog luhureun jambatan. “Walungan! Geura tadah ieu raga!” Sorana ngagalantang. Hujan beuki gumuruh silantangan. Aya ririab rambut kabawa gulidag caah umpalan.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya