Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Dicabok Mitoha

Minggu, 23 April 2017

PANGANTÉNAN usum ngijih. Asik, gerentes Jang Uté. Siga wanci sareureuh budak ayeuna, ngecrek hujan ti soré kénéh.
“Ambuu, bocor nyakclakan!” pamajikana ngagorowok ka indungna. “Cekelan nu pageuh, Nyi!” Jang Uté gagaléyongan.
“Aéh, tong dibéré mun maksa, dosa éta téh Nyai,” témbal indungna ti kamar sabeulah.
“Aduuuuh, Aa nyeri..!” Pamajikana ngajerit. Di kamar sabeulah Indungna ngaguyah-guyah salakina.
“Bah, bah anak urang tulungan!” Salakina nu keur nyegrék kérék, nguniang hudang. Blug!
"Aduh, Abah nyeri!” Anakna ngagorowok deui, Bah Rowi ngagurinjal, gura giru muru kamar anakna. Panto ditubruk.
Bray, katempo di jero enggon, kasur digulung, bangku leutik plastik ngagolér. Anakna katindihan Jang Uté. Gerewek Baju Jang Uté dicentok, “Kurang ajar, na meni teu sabar ari sia, rusak anak aing atuh!” Jeplok, jeplok.
“Aduhhh, Ampun Abah!” Jang Uté lumpat ngabecir. Hujan kalah ngagebrét, bocor ti lalangit kamar anakna beuki ngerepan.*

Kang Ismaya - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya