Saréwu Indung
PURNAMA kari sabeulah. Nyésakeun cahaya nu teu pati ngempur. Guluburna surem. Sasurem haté hiji jajaka nu keur anteng menekung di juru masigit. Husu, ngitung léngkah nu geus kalarung. Keclak cimata maseuhan saamparan sajadah. Nyeungceurikan dirina. Nyeungceurikan tapak-tapak nu geus kasorang. Disaksian ku tiis jeung simpéna peuting. Maju ka janari. Mingkin husu. Kalan-kalan buuk panjangna ririaban, katebak hiliwirna angin nu moncor tina sesela jandéla masigit nu méléngé. Haténa jumerit, nyanyambat nu miboga dirina. Karumasa nyangkaruk jeroeun dada. Aya nu nyérését, nurihan léngkob haténa.Dumadakan. Séor...! Sora angin ngabintih. Ti langit, cahaya putih ngabarasat nojo masigit. Ngabulen. Ngagulung. Ngabetot nu keur husu mumbul ka langit. Manéhna kumalayang di antara méga-méga. Mingkin luhur, mingkin luhur, mingkin luhur.Di langit ping pitu. Manéhna nyakséni saréwu bulan, cahayana moncorong tapi linduh. Dina unggal bulan, aya pameunteu indungna nu salila ieu teu weléh dipikabogoh.*
Éboéd - kisuta.com


