Selasa, 2 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tambunan

Rabu, 6 Desember 2017

GEUS rék magrib. Barudak ting beretek muru masigit. Leungeunna rébo ku Qur’an jeung sarung poléng nu keukeuh can disarungkeun. Dalah kopéah gé kadar nyéngclé, can mebes bener. Tempat abdas méh jiga pasar, récét ku barudak nu parebut cai. Ustad Abdul tihothat memener calana budak nu morosot, pamajikannana rancingeus mangmasangkeun mukena barudak awéwé. “Jungjunan, kutan ieu lembur karang pamidangan téh? Jauh ti Florés, tempat anjeun dilahirkeun? Di tempat hara-haraeun?” Langit Tambunan semu gandola. Ustad Abdul geus ngong adan. Sorana handaruan, ngoyagkeun saeusi lembur. Nu saralat ngabaris rapih, kolot budak saregep, nuturkeun imam, pangersa Ustad Abdul.
Di dinya, di émpér masigit, satutasna salat rawatib, nunggu isa, aya haté nu ngarumpuyuk. Ingsreuk-ingsreukan, ngobétan diri nu salila ieu kalangsu. Apruk-aprukan ti lembur ka lembur, lir ngungudag alak paul. Mulas sajak nu paroék, ngarucat-racét carita nu teu junun. Kapiasem ku ustad pécékrék, nu ludeung naratas jalan pihirupeun jalma loba, sosorangan. Di Tambunan, manéhna menekung, minangsaraya.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya