Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Béo Butak

Jumat, 19 Januari 2018

“DUH manusa mana teungteuingeun teuing. Teu aya rasrasan.......” hiji manuk béo melas-melis.Nyeungceurikan nasib. Geus tilu poé tilu peuting dikerem dina kurung. Dikurubungan lawon hideung. Disingkurkeun di juru warung nu rada poék.

Padahal biasana mah sok diabur. Ti isuk-isuk nepi ka soré. Ucla-aclé sabudeureun pakarangan . Mimindengna nyéngclé dina gantar pamoéan. Ngabandungan wangkongan nu jarajan di dinya. Terus kekecapanana diturutan.

Tapi sanggeus ngucapkeun “Ceu Konah éplok céndol”, dununganana ambek. Beo ditéwak. Terus buluna lebah sirahna dikurud. Dibutakan. Bus kana kurung dikurumbungan téa. Cenah keur ngubaran panyakit béo ngomong porno. Padahal saenyana, dicarekan ku pamajikanana nu timburuan, salakina kabita ku bujur Ceu Konah nu bahénol nérkom

Keur béo noong tina liang kurumbung, katénjoeun aya nu balanja. Dicalana sontog jeung kaos oblong. Teu ditopi. Sirahna nu butak bolénang.

Gancang béo disada : “Hey manéh sok ngomong porno nya?”*

Usep Romli - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya