Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Sasab

Senin, 22 Januari 2018

“NUHUN tos kersa sumping,” pok téh. Manéhna imut leleb, “No worries!” témbalna. Dikaos kaki hideung nepi ka puhu pingping, disapatu boot panjang. Erok pungsat meueusan. Ka luhurna sweater, beuheungna buni ku syal. Hawa mémang keur teu bageur, angin tarik siga ngahaja mindahkeun tiris ti Artik. “Kamari mah hujan,” cenah. Irungna nu mancung, panonna nu semu biru, sarta buukna nu galing muntang, persis foto nu dikirim maké whatsapp. Pageuh muntang kana peupeuteuyan, bari ngaraketkeun awakna nu jangjing, apal mun kuring keur kabulusan. Teu weléh galécok, bari jajap ngurilingan kota nu haleungheum. Victoria Square, King William St, jog ka Torrens river. “Ulah dugi ka sasab deui nya. Kantun naék trém,” pokna. Tuluy ngarangkul, ngecup biwir, sarta pamitan. “Be careful. See you later.” Janggélék jadi waliwis deui, tuluy ngahiji jeung papada baturna nu ngagimbung di sisi walungan. Ngoyor ngawahan, laju hiber ka langit nu mimiti angkeub.*

Darpan Winangun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya