Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Gurat Batu

Kamis, 25 Januari 2018

"KUDU bérés isukan! Présentasina pagéto apan," pokna. Teu robah wirahma. Angger teugeug. Géhél. Kahayang téh saeutik atuh méré budi. Ulah jamedud waé. Rét, kana bros batu dina kekembung dadana. Ras inget ka batu combong nu lila euweuh laratanana.

Kaluar ti rohang diréksi, disampakkeun ku nu careuleumeut. Kapireng sora Hésti nyikikik. Dasar akunting camperenik. Seuri sakumaha matak kukurayeunana ogé teu weléh nyari. Ngan sirah asa nyéak. Hadéna aya Hérman nu wanieun kénéh ngaragap taktak. "Sabarrr...," cenah. Bari lila ngahéhéhna mah.
Pagawéan téh teu burung ngalanto deui ka imah. Léptop sidéngdang luhureun kasur. Bari nungguan budak tibra. Balas ngarenghik waé nananyakeun indungna. Térékték. Sebrut deui. Muru waktu. Sora geleser mobil di garasi teu dipaliré. Teup, kana eunteung. Beungeut pikagimireun geus disiapkeun.
Sora sapatu beuki ngadeukeutan. Jemplingna di lawang kamar. Getruk deui. Selengseng. Celengok. Pipi kénca kabeunangan.
"Istirahat atuh, Ay...ulah didamel waé," gerendengna. Bros batu ngagilisir kana puhu leungeun.*

Asép Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya