Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Salempay Kayas

Minggu, 28 Januari 2018

ISUK-ISUK, buruan cangra, haté cangra. Saged. “Tos di payun,” BBM-na. Gura-giru. “Calik heula, Lis!” Seblak. Tara-tara, Abah megatan. Paromanna seurieus. “Aya naon, nya?” ceuk haté. “Lis…,” Derekdek, Abah ngadadarkeun maksudna. Song, potrét hiji lalaki gandang. Ter, haté gumeter. Leungeun ngeleper. Jajantung ngageder. “Tos paheut, waktosna kaping juhlas Rayagung,” Ambu mairan. Clak. Cimata maseuhan pipi. Ngeclak, maseuhan salempay kayas dina keupeulan. “Ngiringan, sadaya-daya,” cekéng. Haté lungsé. Rét kana salempay kayas, ras ka nu méréna. Haté angkeub. “Wios énjing wé, Lis, bilih aya pamengan mah,” BBM-na. Karunya, jigana ti tatadi ngadagoan. Rék ngajak ka kantor imigrasi. “Bisi Neulis hoyong neraskeun kuliah, engké dibiayaan cenah, asal di dieu, ngarah bisa bari ngurus rumahtangga." Ras, panggilan béasiswa ti Canberra. “Cuang nyéwa apartemén wé,” pokna basa nampa panggilan nu sarua. Paheut, hayang terus reureujeungan. “Hampura, San, Neulis teu bisa mungpang kahayang indung-bapa. Neulis moal bisa marengan Santi ka Canberra.” Salempay kayas jibreg ku cimata.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya