Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Trotoar

Selasa, 6 Februari 2018

“TEMPO di hareup, motor lalar-liwat, tingkalacat luhureun trotoar, isuk-isuk jalma geus silih badug ngudag dunya...” Ceuk Robét bari gék diuk. Doglas ukur nyéréngéh, tuluy mukaan koran urut. Kelepus udud. “Unggal poé ngungudag duit, lain duit nu nyampeurkeun,” pokna, tuluy ngalaan kaca mata hideung, gigisik. “Capé meureun gawé kitu nya, sieun kabeurangan, kudu mikir... kalan-kalan, inggis di PHK...” Nyuruput kopi haneut, bangun nu nimat. Ngalageday. Nu diajak ngobrol mareuman roko. Tuluy cengkat. “Uing poé ieu di lampu mérah... Geus meunang baraha manéh euy?” pokna nanya. “Maratus...” ceuk Robét bari nempokeun wadah kaléng. Tuluy gégéléhéan luhureun trotoar. Wanci haneut moyan, si Doglas ngadigleu meuntas jalan...*

Badru Tamam Mifka - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya