Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Haréwos ti Kalanggengan

Kamis, 8 Februari 2018

HUJAN ngaririncik ti soré mula. Angin suar-séor, sorana jiga suling, ngoyagkeun tatangkalan. Rada peuting hujan ngagebrét. "Émut, Kang!" sora awéwé melas-melis ti hiji imah bari nyenyekel seureuh beureum. Waruga nu disebut akang, teu jauh ti bebegig sawah, ngagolér tanpa daya. Omonganana teu kaharti, puputeran jiga korsél. Sorana ngagerem, kadang-kadang babaung badis ajag leuweung.
"Tong sok daék nginum tina cai gentong ceuk aing gé! Indit siah ka parapatan, sugan aya rakit nyangsang di dinya," nu lalaki nyentak tipopolotot.
Kencling nu awéwé indit rurusuhan. Aya bohak dina haténa. Leumpang bari ngalamun. Anjog ka nu dituju. Nyampak sisir kawat sagedé tarajé. Geuwat disampeurkeun sanajan asa-asa. Gék diuk. "Entong ngadeukeutan aing siah! Najis awak sia mah," aya sora tanpa rupa. Gebeg manéhna reuwas. "Anjeun nu baheula maéhan aing dina jero beuteung. Naon dosa aing...?" sorana geueuman.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya