Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Salah Sasaran

Kamis, 15 Februari 2018

SANGGEUS ngasupkeun mobil ka garasi, kuring muru ka enggon. Gek, diuk hareupeun meja rias tuluy ngaberesihan make up. Sarengsena, kuring pindah kana sofa ngahurungkeun tipi. Ret, kana ranjang aya nu ngulisik. Simbut nyingkab, katembong aya opat suku silih beulit. Napsu kaliwat saking timburu, kuring ngarawel stik golf laju dibabukkeun kanu keur sare. Jebrod! Jebrod! Jebrod! Nu dirurub simbut aduh alah ting karoceak. Belewer, stik golf dialungkeun tuluy ngoloyor ka dapur. "Deuh, nu geulis Akang nembe uih lembur. Cape,nya? Ieu Akang ninyuh cikopi. Sagelas ku duaan,nya?" kang Diki ngasongkeun sagelas cikopi bari imut. Kuring ngembang kadu. Kang Diki ngaranggeum rema kuring "Neng,Tadi sonten, Abah sareng Ambu dongkap, sono cenah ka Neng. Lantaran kamar tamu balocor jaba teu acan diberesan, ku Akang teh dipiwarang leleson we di enggon urang. Tos ditepungan teu acan?" tanya Kang Diki. Phuah!!! Cikopi nu can ngaliwat kana tikoro ngabura raray kang Diki bati reuwas.*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya