Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Malem Jumaahan

Kamis, 1 Maret 2018

"PA Ustad, badé naros..."
"Mangga! Perkawis naon?"
"Kieu, pan ari istri mah, sakapeung capé. Ngurusanan rumah tangga ti énjing nepi ka wengi. Ari ninggang dina malem jumaah, carogé sok ngajak sapatemon téa. Bari keukeuh. Naha kénging mun abdi nolak?"
"Hmmm. Kieu, dina katerangan mah disebatkeun, yén istri wajib ngaladénan carogéna, saperkara dina urusan ranjang. Mun nolak, tuluy carogéna ambek, malaikat baris ngalaknat nepi ka énjingna."
"Kitu? Teu aya pengecualian éta téh?"
"Aya. Kecuali aya halangan. Keur kareseban, puasa wajib atanapi nuju teu damang..."
"Salian ti halangan éta, teu kénging nolak?"
"Muhun. Sabab hukumna wajib. Wajib mah, mun dilanggar matak dosa apanan..."
"Ari soal sapatemon éta, kalebet nafkah bathin sanés?"
"Atuh tangtos..."
"Pami kitu, ari nu nganafkahan bathin téh saleresna saha? Carogé atanapi istri?"*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya