Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Saha nu Bakal Nyusuan Kuring?

Sabtu, 3 Maret 2018

ASA cikénéh ngalaman kolot téh. Awak regung. Unggal peuting ngoklok batuk. Patémbalan jeunghitut nu sakapeung aya bukuran. Dahar gé cok leg. Da huntu ukur nyésa gugusi. Uyuhan peujitna.
Batur dalit téh balsem, minyak angin, jeung cai haneut dibotolan. Hiburan gé ukur moyan, nyabutan bulu irung bari lalajo bujur ibu-ibu nu balanja di tukang sayur.
Kadieunakeun, huis harideung deui. Panon beuki awas. Awak ngareusi. Tarang hérang, pipi kembu, nyusul huntu nu tingpecenghul barijilan. Sarupaning nu karijut naleuhneur deui.
Sok rajeun nyingsatkeun sarung bari ngaca. Ngusapan beuteung nu kungsi budayut. Ngan mindeng, kuring mikiran mangsa-mangsa nu bakal disanghareupan. Kahariwang teu weléh nuturkeun.
Geus kajudi, moal lila deui kuring bakal jadi abégé. Pasti kacipta imut-imutna. Moal aya deui nu nyebut Akang, Mang, komo Aki. Jajauheun. Kadituna, tangtu kuring bakal jadi budak. Moal henteu satuluyna malik jadi orok, nu ukur bisa ceurik jeung roroésan. Mun geus kitu, saha nu bakal nyusuan kuring?*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya