Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Salak nu Nyangkalak

Jumat, 20 Juli 2018

HIJI waktu di pasar buah Cinengtet. Bari ngadagoan nu meuli, Mang Sarip jeung Kang Ayot garogonjakan. Silitempas sililedek, malum jongkona paadek atuh nu dijualna oge sarua salak.
Keur uplek silitempas, teu kanyahoan aya si eteh nu rancunit ngilikan salak di jongko Mang Sarip.
"Mangga Teh, ieu mah salak istimewa. Salak Cineam nu kacida amisna," ceuk Mang Sarip semu atoh aya nu rek meuli.
"Salak Cineam mah meureun sarua we. Kunaon make jeung istimewa sagala?" tembal si Eteh rancunit.
"Benten sareng nu sasanten...eh, nu sasari. Ieu mah ngalana teu sambarangan. Dikodokan unggal dapuran, unggal mangaranana," ceuk Mang Sarip.
Si Eteh kalah muringis. Leungeunna asa rocop ngabayangkeun ngodokan buah salak na dapuran nu kacida loba cucukna. Manehna muringis undur-unduran bari nyingsing-nyingsingkeun leungeun bajuna.
Asa meunang lolongkrang, Kang Ayot nyorobot ngolo si Eteh. "Pami hoyong salak kareueut bari teu nyeureud, tah ieu salakna. Langkung istimewa," cenah bari nuduhkeun kana salakna.
"Naon istimewana Kang?" ceuk si Eteh nu masih keneh muringis.
"Ieu mah ngalana teu dikodokan, tapi digabrugan unggal dapuranana," ceuk Kang Ayot.
Lain ukur muringis, si Eteh ngabirigidig. Pinareupna asa aya nu nyeureud. Linu parat kana huntu. Terus ngabecir bari nyingsatkeun baju katut behana. Beu!*

Nunung Nurhayati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya