Minggu, 19 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ngadua

Rabu, 15 Agustus 2018

GEUS lila ngadua téh, ti tujuh taun sanggeus ngahiji. Nepi ka bieu bada Ashar, diitung téh geus méh tilulas taun. Saprak rumah tangga jeung maranéhna, karasa sagala nambahan. Ngadadak jadi jelema beunghar. Beunghar kangeunah. Beunghar kabungah. Beunghar ogé katugenah.

Nepi ka kiwari awét rajét. Sanajan duarimbitannana katangarna sarugema. Lalintuh da tara kurang nganapkahan lahir batin. Unggal isuk, unggal beurang, unggal soré. Ngan peuting nu diselang seling téh.

Remen éta gé ari pacogrégan mah. Hog hag paraséa. Cenah, marebutkeun kaadilan. Teuing nu kumaha juntrunganana kaadilan téh. Nu karandapan mah, sabenerna maséakeun palila-lila, pagedé-gedé kahayang séwang-séwangan. Bibitbuitna mah ngamalir tina napsu nu kacandung.

Ni’mat geuning, ngan omat tong tuturut munding!*

Abu Ainun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya