Senin, 6 Mei 2024
Sastra & Humor
Ceuleukeuteuk

Kabéh gé Juru Tilu

Minggu, 28 Juli 2019

KISUTA.com - UM Jépri katotol jalu beuki ka awéwé. Carék nu rahul mah teu nu goréng patut teu nu geulis hayang baé ngasaan. Kabogoh teu sirikna di unggal péngkolan. Teu wareg-wareg sangkilang geus ngasaan pirang-pirang awéwé. Tanteu Évi, pamajikanana, geus bosen mapatahan. Diantep wé da ménta diserahkeun gé teu digugu.

"Heug ku Akang rék diserahkeun lamun geus manggih awéwé yang lain daripada yang lain," ceuk Um Jepri.

Teu didéngé ku Tanteu Évi téh. Nepi ka dina hiji waktu mah Um Jépri boboléh bari nyarita yén cenah geus sakitu lobana awéwé nu dikeureuyeuh ku manéhna teu kapanggih yang lain daripada yang lain téh.

"Na néangan nu kumaha atuh Aa?" tanya Tanteu Évi panasaran.

"Néangan nu pasagi opat, euweuh. Kabéh gé sarua, juru tilu!" *

Fendy Sy. Citrawarga - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya