Senin, 6 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Éléh Jajatén

Selasa, 30 Juli 2019

SANAJAN ngagaralang kénéh tapak ramo na pipi kénca, asa teu karasa teuing nyeri. Heueuh, satarikna gé tampiling awéwé. Tanaga pangawak nu geus rimbitan, nu unggal janari tisuksuk tidungdung ngalapak di pasar. Lain, lain tapak tampilingna nu nyeri téh. Ngan teuing naon, bet aya nu peurih nyaliara saawak-awak. Rocop na jajantung.
“Emh, nu salila ieu asa aing panglalakina téh bet bobor karahayuan di pasar. Ku manéhna deui,” gerentes téh tugenah. Lain lawaneun. Gejlig balik.
“Kunaon damis, Pa, mani ngagaralang kitu?” Indung si cikal mapag di lawang panto.
“Tapak ramo téh mani nyarareprit, ku istri nya?" Teu némbal.
“Ceuk Ibu gé tong ku nyalira, wios dipangmilariankeun kanggo nu katilu mah,” cenah. Panonpoé meleték. Gusat gesut muru enggon. Dug.*

Abu Ainun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya