Senin, 6 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Nu Ngarekét

Jumat, 2 Agustus 2019

KISUTA.com - “Cobi goyangkeun, Mah…” cekéng téh.

“Papah lungsur heula atuh,” témbal indung si bungsu.

“Mamah ti luhur nya . Papah nahan ti handap,” cekéng.

“Lelempeng Pah, ku Mamah diteken,” cenah.

“Muhun, sok dedetkeun…teras tekeeen…angkat lalaunan…gésér sakedik…tah, teken deui…teras. Lep...ah...”

“Lebet Pah? Cobi goyangkeun ku Papah…”

Sora tingrarekét mun sakalieun ngulisik, komo deui saré motah, teu kadéngé deui. Weweg teu ngariyeg. Sirit beusi palang dipanna asup kana liang tihangna. Ngaadu manis. Dipan pangsaréan weweg deui. Moal hariwang mun sakalieun saré adug lajer gé.*

Ki Suta - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya