Jumat, 3 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Carogé Kabéh

Senin, 12 Agustus 2019

KISUTA.com - Wanci kumapalang. Poé nyérélék moékan. Mas Sastro gé katingali rada mongkléng, katambah pakulitanana kulawu pulas jawa. Ngan sanajan kitu, rarayna mah rada ray-rayan. Aya sari-sari sumringah. Asa rada bérag ayeuna mah. Lain kitu pédah teu tulus dihakan maung?

“Mugi-mugi taaya nu uninga abdi badé maéhan manéh,” kitu gerentes haténa. Atuh basa ditoél Mama Ajengan téh, puguh wé ngarénjag. “Wolo wolo kuwato!” cenah bari ngaragap dada.

“Tong sok ngalamun kumapalang, pamali, bisi katoél jurig,” saur Mama Ajengan ngingetan. “Anggur hayu urang solawatan di masigit, bari ngadagoan Maghrib.”

“Eh enya Mas, kumaha budak téh?“ Mama Ajengan nanyakeun kaayaan budakna nu bungsu nu kamari diuar-uar katarajang panas. “Dua dinten mah panas kacida, Mama. Ku abdi dipasihan cingcaw, teras baé dikomprésan. Alhamdulillah, ayena parantos iuh,” témbalna bari ngiclik nuturkeun Mama Ajengan.

Lima budak Mas Sastro téh. Jalu kabéh. Masih kénéh bebenyit, keur meujeuhna humileud dulang, resep baranghakan. Ayeuna ngarumas, saprak Mas Sastro teu cepeng damel deui di pabrik béha. “Garembul barudak téh, maklum carogé kabéh,” pokna, ka saha waé, ogé ka Mama Ajengan. Ti dituna mah, meureun, itung-itung minangsaraya.*

Ki Suta - kisuta.com

 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya