Jumat, 3 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Nepungan Tungtung Peuting

Rabu, 4 Maret 2020

MANÉHNA datang. Tungtung peuting. Meuntasan jandéla nu éta. Jandéla nu lila teu muka. Sésélékét. Kana sesela sarigsigna. Ngabedega. Ngideran rohang ku teuteupna. Gumerendeng. "Rék kieu waé?" pokna. Neuteup seukeut. Béréwék. Nyoéhkeun kalénder nu kari salambar. Béréwék deui. Sababaraha balikan. Wur. Kalénder bubuk diawurkeun. "Nu heubeul geus dipiceun. Nu anyarna...?" Sieet! Bus. Manéhna. Ka jero eunteung. Bray. Saniskara carita patingkelemeng. Pirang-pirang lalakon. Kumalangkang. "Geuning bet kadalon-dalon. Haben waé ngumbar cipanon" cenah. Mencrong. Ragamang. Leungeunna ngarongkong wéker. Reketek. Reketek. Pamuteran jarumna diputer-puter. "Kapan wanci teu kungsi eureun ngamalir. Saban wiletanna teu weléh nyésakeun carita." Jarum wéker terus muter. Lelet. "Urang nu nangtukeun wangun caritana." Beuki lelet. Beuki lelet. Téténjoan ngilu muter. Lelembutan muter. Eunteung muter. Kamar. Risbang. Jandéla. Panto. Manéhna. Kabéh muter. Kaasup balati. Enya. Balati nu ku manéhna disodorkeun. Muter lelet hareupeun panon. "Ayeuna mangsana. Sab isukan geus lain nu urang." Ragamang. Gep. Balati ditéwak. Reg. Sagalana ngarandeg.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya