Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ibadah Karinah

Jumat, 24 April 2020

GEUS sataun, Malik bin Dinar itikaf di Masjid Umayyah, Damaskus. Beurang peuting salat, ngaji, dikir. Tujuanana, hayang katangar ku ahli masjid. Saha nu nyaho, kalandepeun, tuluy diangkat jadi anggota ta’mir masjid Meunang gajih puluhan dinar unggal bulan.

Tapi taya nu maliré saurang-urang acan. Pada ngantep baé.

Hiji poé timbul kasadaran pikeun bener-bener ibadah keur Alloh. Lain keur manusa.

Geus kitu, prak Malik bin Dinar, salat husu. Madep ka Alloh SWT.

Bérés salat, kadéngé di luar aya ribut-ribut. Sihoréng Sultan datang.Ngaroris kaayan wangunan masjid.

“Urang perlu ngangkat patugas husus miara masjid,” saur Sultan.

“Kaleresan aya ahli ibadah. Tos sataun i’tikaf di dieu. Kumaha upami anjeunna diangkat?”

Barang ngadéngé eta obrolan, Malik bin Dinar jumerit :

“Ya Alloh, sataun abdi ibadah karinah, ngarep-ngarep kahéman manusa, teu tinekanan. Tapi nembé sakali abdi ibadah husu ka Anjeun, langsung Anjeun ngutus Sultan pikeun nedunan kahoyong abdi.”

Malik bin Dinar gancang kabur ninggalkeun masjid.*

Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya