Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Gambar

Senin, 18 Mei 2020

SATENGAH lumpat. Adim. Ngagigiwing buku gambar. Gambar imahna tungtung tanjung. Diiuhan satiung layung. Tempat jengkar jeung balabuhna asih pangrungrum. Hayang buru-buru aléwoh. Némbongkeun ka indung-bapana. Kulutrak. Muka panto. Suwung. Kasampak patulayah pancarakén. Katut bebejad ambén tapak ragotna jogol. Ngarahuh. Ngalangkang sakabéhna. Naon-naon nu geus kajadian. Lumpat ka luar. Jeung gambar nu ditangkeup jero saragam. Jeung inghak nu ngebekan dada.

“Tuh, apa sia mah keur ngeplék!” Maneuh mapag ronghéap. Ukur nyérangkeun ti lawang warung. Bapana. Keur ijén jeung gambar joker dina ranggeuman. Di antara botol-botol kosong nu nyaabkeun gambar imahna. Ngingkig deui. Mapay-mapay basisir. Nadah gumuruh angin tanjung. Ngeteyep. Mipir bédéng teriplék. Tina sesela jandélana. Atra. Indungna. Keur ngagambar umpalan ombak. Handapeun taranjang lalaki. Nyilih gambar imahna. Nu beuki lantis cikésang.

Gék. Sisi ruruntuk parahu. Nyawang kikiruh tanjung ka jauhna. Taya layung. Kusiwel. Buku gambarna. Lalaunan. Dibuka. Imahna nu luntur. Digambar deui ku rokrak luhur kikisik. Laju sirna kaséblok salantisan lambak.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya