Sabtu, 27 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Dina Peuting nu Bayeungyang

Sabtu, 30 Mei 2020

BASA manéhna keur lunta, duka rék ka mana. Ukur milangan léngkah, sakaparan-paran. Dina ronghéapna peuting nu bayeungyang. Bet kudu manggihan nu keur ngaréngkol, di hiji tegalan. Disidik-sidik, ditilik-tilik, rampa-rimpi. Horéng rénghapna geus lekasan. Laju ku manéhna dirahrahan. Ngan aya saratus rébuan tilu dina dompétna. Érloji mérek Tissot meulit kénéh na pigeulangna. Duit jeung érloji tuluy disakuan. Rejeki nu teu disangka ku manéhna. Geus kitu mah, manéhna neruskeun deui hanca léngkahna. Nu ngaréngkol mah angger ngababatang, di tegalan.

Keur di tukang tadah, kacerekna mah. Basa manéhna dituding téh ukur bisa rungah-ringeuh, da puguh teu rumasa. Jaba duit dina saku jeung bati ngajual érloji ogé milu dirampas. Teu bisa kumaha basa dipaksa kudu ngaringkuk di sél ogé, da sidik manéhna mah tuna kawasa, ngan saukur jalma hual-hiul. Nepi ka lilana manéhna kudu bumetah di Hotél Prodéo, tanpa aya bukti nu écés, nu patali jeung naon nu dituduhkeun ka manéhna.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya