Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Carios Picontoeun para Jajaka

Senin, 1 Juni 2020

BOGA kabogoh téh lima. Awéwé kabéh. Sanajan nu kaopat mah rada jalingkak, teu kaop ningali tangkal, sok terus gugulantungan, alhamdulillah kabéh rarukun. Tara ieuh silih timburuan, komo bari ngomongkeun di tukang – diémbohan ku ngajejeléh nu lian. Ongkoh kuringna gé geus wakca ti anggalna: Kuring hayang boga pamajikan teh jangkep opat, luyu sareng sunah Kanjeng Rosul. Hartina, mun hayang jadi kabogoh kuring, kudu daék rukun jeung nu lainna. Mun kira-kira teu bisa, alus balaka saharita. “Hanas eta bobogohanna jeung leuwih ti opat awewe, eta mah kadar silih bongohan jeung takdir: Saha nu nyaho, salila bobogohan, aya nu teu cop jeung hate – boh kuring, boh manehna. Kawin mah tetep rek jeung opat awewe. Teu leuwih”.
Alhamdulillah, dikitukeun teh narurut. Malah, nepi ka kiwari, 25 taun sanggeus jatukrami jeung maranehna. Hirup teh runtut raut. Budak ge nepi ka aya tilupuluhna. Alhamdulillah…*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya