Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Buah Ihlas

Selasa, 2 Juni 2020

KEUR ‘tadabur alam” mapay-mapay sisi walungan, Syekh Basyir ngadéngé sora ti peuntas ditu. Kawas nu keur dikir ngawiridkeun “Asmaul Husna”.
“Ya hakuk ! Ya hakuk”, “cenah.
“Wah salah pisan, étah,”ceuk Syekh.”Kuduna “ya hayyu ya qoyyum”.”
Gancang Syekh ancrub ka walungan. Meuntas hésé béléké. Pakéan jibrug. Malah sababaraha kali rék palid jeung tikerelep. Barang srog ka nu dituju, nyampak hiji aki-aki keur menekung di saung . Tas salat duha kawasna. Di amparan sajadah kulit embé. Laju dibebener kekecapanana. Sina diturutan ku aki-aki. Geus sakira lancar, Syekh indit deui ka peuntas. Ripuh kawas tadi.
Keur reureuh, bari ngagaringkeun pakéan, celuk-celuk sora aki-aki:
“Ajengan... punten, aki poho deui... Abong geus tuman yahuk yahuk...”
Meuntas gancang pisan Si Aki téh. Leumpang dina beungeut cai.
Syekh Basyir ,ngudupruk sujud. Jumerit ka Alloh SWT:
“Ya Alloh, rumaos élmu abdi luhung, mung dibarung ujub. Éléh ihlas ku aki-aki balélol nu bisa napak kancang.”*

Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya