Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Jurig Awéwéna

Sabtu, 6 Juni 2020

SI Cépot boga pagawéan anyar. Meuntas-meuntaskeun jalma nu lalar liwat peuting. Ari kasang tukangna kitu téh pédah aya awéwé maot katabrak karéta api. Ngaririwaan. Dikuburkeun sisi jalan kampung anu brasna ka jalan raya. Biasana, beurang peuting éta jalan téh ramé kunu lalar liwat. Tapi, ti saprak harita jalan téh jadi sepi. Komo wanci peuting matak pikakeueungeun. Cenah mah unggal peuting sok aya sora awéwé ceurik ngabangingik palebah makam. Balukarna, wanci sareupna laju ka poék, geus tara aya jalma nu wani ngulampreng sosoranganan ngaliwat ka éta tempat. Teu ludeung, matak karareueung majar téh.
Manggih kaahéngan saperti kitu, ku si Cepot dimangpaatkeun jadi pausahaan. Meuntaskeun atawa maturan jalma anu lalar liwat nyorang éta makam. Nu dipalar pamura-paméréna ti nu tas dijajap. Lumayan mun keur alus milik, eusi saku gé teu weléh merekis ku duit, tara kurang dahareun sumawona ududeun.
Tiap ba'da Magrib si Cépot saged mangkat. Teu tinggaleun senter ngagantél jeung bedog pétot nyolégreég dina cangkéng. Anu dituju saung panangkringan nu merenahna sisi jalan méméh meuntas kuburan.
Tapi naas, peuting harita mah keur sial. Canguluk nunggu-nunggu nepi ka tengah peuting can aya kénéh jalma nu ngurunyung datang. Biasana teu lila nunggu ogé sok geus rabul jalma nu lalar liwat, ménta anteur. Peuting éta mah bener-bener suwung.
"ah, sial ieu mah," gerentes si Cépot.
Waktu tuluy nyérélék, nyedek nepi ka liwat tengah peuting. Kaayaan beuki simpé, réhé comrék, luwang-liwung sepi jempling. Angin peuting alon ngahiliwir. Nyuruwuk nebak kana dangdaunan nu lambat-lambut ting arulang ngagupayan.
Sabot si Cépot keur ngalamun bari gogoléhéan dina saung, karérét ku juru panon aya awéwé ngaliwat. Teuing ti lebah mana datangna. Jol seleyeng nojo ka palebah makam. Puguh wé si Cépot reuwas, kuniang hudang. Tuluy muru ngudag éta awéwé. Nanya bari jamotrot ambek.
"Hai Néng, rék ka mana sosoranganan peuting-peuting kieu. Geulis-geulis ludeungan. Na teu apal didinya téh aya nu maot katabrak karéta api?" ceuk si Cepot bari tipopolotot.
"Har ari akang, na teu apal. Apan abdi jurigna!"
Ngadéngé kitu, beretek si Cépot lumpat tipaparétot.*

Rukman Syarifudin - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya