Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Nyiduhan

Minggu, 7 Juni 2020

ROMBONGAN Ibu-ibu PKK dina hiji waktu nyarter beus pariwisata. Arindit piknik ka Puncak. Najan mobil pariwisata, hanjakal teu aya pasilitas toilét. Basa beus keur ngaheujeun nanjak, aya salah saratus ibu-ibu nu kabelet kahampangan. Hoyong papang. Ditahan-tahan gé kalah ka kaluar késang badag késang lembut. Ngoprot. Bari hariweusweus, tuluy nyampeurkeun ka sopir beus.
"Pak Supir..tiasa lirén heula teu?"
"Aduuuh Bu, teu tiasa nuju nanjak kieu mah, bisi teu kiateun, kunaon kitu?"
"Hoyong kahampangan...!"
"Duuh kumaha nya? Teu tiasa engké-engkéan?"
"Engké-engkéan kumaha? Ieu gé tos ampir-ampiran!"
"Nya atuh papang didinya wé, kana baskom atanapi kana naon!"
"Puguh teu aya!"
"Kumaha nya?" Supir kerung bari angger ngajejek pedal gas.
"Kumahaaaaa? Ieu kaburu bijiiil!" Si Ibu ngocéak.
"Nya atuh kana jandéla wé Bu, da mobilna ge tarik ieuh, moal katara ieuh ku batur..!"
Teu antaparah, gajleng! Si Ibu ngajleng kana bangku pangtukangna. Sérédét, jandéla dibuka. Gog nagog, porosot, serr! Papang nikmat naker. Bérés kitu mah, jandéla buru-buru dipeundeutkeun deui. Tuluy ngagoléséh dina korsih, dadana rénghap ranjug, bari peureum. Horéng simana horéng, basa si ibu éta papang, aya pulisi lalu lintas ngaliwat. Cipapangna aya nu ngécrét. Atuh, teu antaparah, éta pulisi langsung ngudag beus, tuluy beus téh disetopkeun. Bus, asup ka jero beus. Bari popolotot, pulisi luak lieuk.
"Sok ngaku, saha tadi nu nyiduhan sayah!" Pulisi kekerot.
Si ibu-ibu nu boga dosa ngadégdég. Saking sieun, jorojoy téh bijil deui. Merebey. Jok beus ngadadak jibrug. Tungtungna mah, tibatan isin disangka ngiihan pulisi, geus wé rék ngaku nyiduhan.
"Duh, punten pak pulisi, punteeeen…. teu dihaja da!"
"Naonna nu teu dihaja Bu?" Ceuk pulisi.
"Muhun, punten, tadi teu ngahaja nyiduhan pa pulisi."
"Tong ngabohong Bu!"
"Bohong? Bohong kumaha ari Bapa?"
"Pasti sanés Ibu nu nyiduhan abdi mah!"
"Naha sanés abdi?"
"Nu nyiduhan téh katingali pisan, jelas-jelas bréwokan!" Ceuk pulisi bari merong ka sajero beus. Néangan nu bréwokan. Puguh eusina ibu-ibu wungkul nu pating cikikik lalaunan.*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya