Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Saangkot jeung Téroris

Rabu, 10 Juni 2020

SEBEL! Sebel kabina-bina, mani asa parat kana elak-elakan. Sabenerna mah keuheul kétang, naha bet aya kénéh mangkeluk kawas kitu. Ngan dipikir ka peutingnakeun, dilenyepan bari ngareureuhkeun capé, jigana ieu jelema téh nu keur diudag-udag patugas. Téroris téa kitu?
Teu ngahaja panggih téh, kabeneran wé saangkot. Diuk pagégéyé teu sirikna paadu tuur. Tadi soré, enya bieu pasosoré, cik kénéh atuda. Jalan-jalan mawa barudak jeung indungna. “Ngabuburit,” cék indung budak téh.
Sanggeus capé ngabangbrangkeun haté, udar ider kukurilingan, barudak jeung indungna diajakan mulang. Tuluy wé muru angkot nu keur ngetém di parapatan. Dieusian ku sapiri umpi mah rada pinuh ogé angkot téh. Teu kungsi lila, angkot maju sanajan jalan lalaunan. Jigana masih hayang nambahan panumpang.
Tah di péngkolan saméméh setopan, jelema éta téh naékna, enya saangkot. Rada digusar gésér diuk téh, méré pangcalikan keur manéhna. Selesep gék wé diuk, rangselna gé tetep naplok na tonggongna.
Keur meujeuhna yeuh jelema téh, kolot henteu budak henteu. Ngan éta asa teu nalipak manéh, geus pagégéyé téh bet teu daék cicing, kulusak kulisik ngagegenah diuk. Geus kitu kudak kodok kana rangsel, nyokot….astagfirullah, koréhél téh garanat. Sidik beusi lonjong karadak jiga ganas mah garanat!
Rék naon yeuh jelema téh ngadon nyoo garanat na angkot? Dialak-ilik, diusapan, sakali-kali cupatna téh disintreukan. Beu! kumaha mun bitu, ujug-ujug ngabeledug? Moal teu rénghék saeusi angkot téh.
Kabéh panumpang mata simeuteun, geumpeur pacampur jeung sieun. Ari ieu mangkeluk bet kawas nu atoh dilalajoan téh. Musam mésem bari hantem nyintreukan pepentil garanat téa. Kabéh kemba, euweuh nu wani nyarita sakemék gé.
Kawas nu beuki atoh, garanat diulak ilik, geus kitu pepentilna jiga-jiga rék ditarik. Dicentangkeun jiga nu keur muka botol inuman. Édas! lantaran linu jeung hariwang ningalina, ngadégdég-dégdég ogé maksakeun ngomong. Pangpangna mah ngingetan.
“Jang, kadé ah, tong nyoo nu kararitu, pibahayaeun éta téh. Kumaha mun bitu?!” cekéng téh nahap-nahapkeun manéh.
Éta mah mangkeluk jiga nu teu euleum-euleum, ngajawab bari seuri mawur. “Tong salempang Pa, bitu hiji waé mah teu nanaon. Ieu na rangsel masih aya tilu deui…” Beu!*

Ki Suta - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya