Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Simpé

Kamis, 11 Juni 2020

TILU poé. Karasana mah leuwih lila. Euweuh kabar ti manéh. Bbm céklis, inbox teu manggih jawaban, sms kitu ogé. Peuting panjang pisan. Beurang asa teu kateuteup caangna. Ari manéh aya di mana, Mi? Uing ngawiridkeun simpé nepika teu nyaho lebah mana tungtung jemplingna.
Kurang naon atuh ieu geugeut? Bet tuluy-tuluyan diganggayong ku leungitna sora. Sora manéh nu meueut.
"Raheut ieu, raheutna samagaha, A. Ulah naroskeun mun abdi mung nyésa na implengan. Moal aya deui marengan ku tangkeupan." Kitu nu pernah diwakcakeun ku manéh harita. Basa haseup roko ngelun ngahalangan sieupna beungeut manéh nu murnama.
Uing hariwang, Mi. Najan dina haté nu éta, uing kaasup nu 'Tembus Pandang', tapi cinta uing mah jujur. Siga jujurna manéh basa nyiduhan fhoto uing dina dp bbm.
Keun baé ketang, Mi. Sing jongjon wé. Di kajauhan, ieu rasa ngan saukur rék digupaykeun. Moal rék dipaksa sina nyampeurkeun.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya