Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Buku Nu Néangan Pamuntangan

Kamis, 18 Juni 2020

DI hiji pabukon, buku-buku bersin. Buku-buku eungapeun ku lebu nu beuki ngandelan. Ramat lancah paburasét, meungkeut buku-buku ka na rak réyod. Kutu nyaliara, ngieun sumur ngieun galian dina awak-awak buku.
Buku-buku gulinggasahan, antukna baruntak, kaluar ti éta pabukon. Buku-buku ngageroan nu lalar liwat. Tapi taya anu maliré. Buku-buku ngaracleng ka pasar, kalah dijejewét dijieun bungkus peda nepi ka bandros. Buku-buku ngaracleng ka sakola, kalah diasupkeun ka gudang. Buku-buku ulin ka kantor désa, kacamatan, kabupatén, kota, dalah gubernuran, kalah dijejelkeun ka na koper. Buku-buku ngapung ka taman-taman, tapi kalah diasupkeun ka na wadah runtah. Buku-buku ulin ka leuweung jeung sarupaning gunung, kalah dicarékan ku tatangkalan. Buku-buku ulin ka hotél, warung, jeung café, kalah dijieun bantal nepi ka hiasan.
Buku-buku jumerit, taya nu daék ngareungeu.
Buku-buku ceurik balilihan, taya anu ngupahan.
Buku-buku tuluy ngaduruk manéh, jadi lebu. Kaanginkeun ka sungé, muara, nepi ka laut.*

Eriyandi Budiman - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya