Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Éling-éling Mangka Éling

Jumat, 19 Juni 2020

NYI Bagendit, sajati ngaranna mah. Éstuning lain babasan, hirup nyoranganna téh. Nyi Endit nunggul pinang, nunggelis. Ari beungharna mah kacida. Béh super markétna. Béh pausahaan bakona. Imahna ge panggedéna di lembur éta mah. Harita, réngsé ngiangkeun bakona, ka Jawa. Jaba ti éta ladang super markétna gé, keur sedeng nikel. Saenggeusna tarapti. Isukna. Kabéh pagawé diondang parasmanan. Saniskara katuangan sayagi. Keur meujeuhna balakécrakan. Aya nu leumpang, ngadeukeutan. Solongkrong aki-aki bongkok. Teu ditari teu ditakon. Tungtungna si aki waléh. “Juragan, aki téh teu kawawa, lapar!” Nyi Endit, mencrong nu keur ngomong. “Nyai, sing émut!” Ceuk haréwos. Cindekna, kabutuh si aki geus cumpon. Aki-aki indit. Leumpangna gandang, tanagaan. “Hiji kapastian! Keur nu daék diajar. Kahadéan, ti waktu ka waktu.” Omong si aki semu ngagorowok. Ti harita, Nyi Endit sering ngambah Amerika. Ngaroris pausahaanna di Las Vegas.*

Remi Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya