Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Virus Viralius

Sabtu, 20 Juni 2020

BULAN ditéwak belegbegna haseup tungtung peuting. Simpé. Hiji artis nu balik shooting sinétron, dadaligdeugan muru imahna. Di tengah gang, manéhna dicegat Dracula. Deg. Keueung. Anjing ragég babaung ti mana-mendi.
“Rék naon megat kuring? Shooting geus réngsé. Ieu mah euweuh dina scénariona!”
“Tong loba tatanya. Kuring bisa ngieun carita sorangan. Urang bareng jadi tokoh nu bisa hiber!”
“Kuring artis asli, lain kajajadén, lain tokoh fiksi siga anjeun!”
“Geus, geura nyarandé. Beuheung anjeun sakitu éndahna. Urang gégél, urang sedot, nepi ka anjeun bakal ngarasakeun kanikmatan nu taya papadana!”
Si Dracula ngangsrog. Anjing beuki babaung. Angin beuki motah. Langit beuki peureum. Si Artis geulis teu bisa ngejat ti gang anu buntu nungtung ka lebah imahna.
“Ké heula atuh. Saméméh kuring digégél, urang sélfie heula!” ceuk Si Artis néangan lolongkrang.
Jeprét. Jekrék. Anjing babaung deui. Guludug bebeledagan. Kilat pating burinyay. Si Dracula nagih jangji.
“Ké heula, urang share heula di grup WhatsApp!”
Ting. Ting. Ting. Foto-fotona sumebar ka grup arisan, alumni, pakasaban, hobi, salingkuhan, heureuy, jeung sajabana. Foto-fotona ngider deuih ka na fésbuk, twitter, telegram, jeung instagram. Teu lila loba koméntar. Ting. Ting. Ting. Loba jawaban. Lolobana pada muji, pada ngahiap ngajakan, nyangka kikindeuwan anyar. Ting. Ting. Ting. Mani kasép. Mani ganteng. Mani jangkung. Mani kerén. Mani mantul. Bawa ka dieu ateuh. Urang ajak ngaliwet. Aduh éta socana siga heulang nu méncrang baranang. Duh kempot kitu siga anu meunang nyulam. Ting. Ting. Ting...
“Tuh, maning urang ulin heula. Grup arisan ngajak ngumpul. Tuh leuwih gareulis! Ngarora kénéh. Randa béngsrat ogé aya. Beuheungna leuwih lenjang batan kuring!” si Artis geulis terus méré awahan.
Si Dracula nyanggupan. Ber hiber mawa Si Artis geulis. Ceuk hiji warta, teu lila sumebar aya grup arisan jaradi drakula. Aya deui béja tina link hiji blog. Aya grup alumni jaradi drakula. Warta nambahan tina link hiji wéb. Aya grup hobi, grup kulinér, grup budaya, grup pakasaban, grup salingkuh, grup heureuy, grup agama, grup politik, grup ukm, grup literasi, grup olah raga, grup ulin, grup ngopi, grup motivasi, jeung grup naon waé, jaradi drakula.
Grup-grup dina Whatsapp geger. Grup-grup dina fésbuk eundeur. Akun-akun dina instagram jeung twitter sarta telegram jaradi drakula. Vidéo sumebar dina unggal stasiun radio jeung televisi, loba jalma jaradi drakula. Youtube pon kitu deui, pinuh ku berita jeung youtuber anu ngawartakeun seumebarna drakula.
Si Artis geulis kapaksa mimilu jeung Drakula munggaran, ngulayaban saban tempat, ngégélan saban jalma. Lila-lila, éta Drakula jadi gendut. Gendut pisan. Siga balon ngapung. Bakat ku bureuteu, antukna bitu. Tina beuteungna kaluar rébuan kalong. Ting ciricit. Ting geleber. Ting sérépét. Néangan getih.*

Eriyandi Budiman - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya