Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Virus Paralunus

Minggu, 21 Juni 2020

MANGSA tigerat. Mangsa hujan bisa cur iraha waé. Mangsa katiga poékkeun peta. Di hiji kampung nu katalangsara, sanggeus sapi, domba, éntog, soang, nepi ka hayam béak, jalma-jalmana kapaksa ngadaharan sarupaning satwa. Aya anjing diberik, aya kuda ditandasa, aya badak disasaak, aya jarapah digadabah, aya buhaya dihanca, aya banténg dibantingkeun, aya bagong digarotong dipotongan, aya oray di digégélan, aya ucing, aya kadal, aya kunyuk, aya bueuk, aya kalong, aya heulang, aya beurit, aya bangkong, aya hileud, aya kalajengking, aya cucunguk, aya langir, aya titinggi, aya kadal, aya reungit, aya laleur, aya tongo ogé dihanca.
“Mun teu kitu urang bakal jadi zombié!” ceuk hiji sora anu geus peura.
Teu kungsi lila, sakabéh jalma di éta kampung, marules. Bararatuk. Nyeri genggerong nyeri beuteung. Nyeri neureuy nyeri miceun. Nyerina teu eureun-eureun. Dokter jeung perawat di puskésmasna ogé katépaan.
Dokter-dokter jeung perawat nu didatangkeun ti kota, lain kalah nyageurkeun deuih, dalah katépaan.
Teu lila, sadésa katépaan, sakacamatan katerapan nu sarua, antukna sakabupatén, nepi ka saprovinsi. Loba anu ngadadak labuh, lolongséran, laju kaku. Ngabugang.
“Kapaksa diisolasi, lamun henteu bakal ngabahayakeun nagri!” ceuk pamingpin éta nagri.
Pasar ditutup. Terminal diségel. Tempat wisata, mall, kantor-kantor, bandara, stasiun, pelabuhan, stadion, kampus, bank, hotél, kabéh ditutup. Sakola diliburkeun. Pagawé nagen di imah-imahna séwang-séwang. Ngan petugas kaséhatan, tentara, jeung pulisi nu maraké masker, nyemprotkeun disinspéctan di unggal jengkal sakabéh patempatan.
“Geus lahir virus anyar. Can aya obatna. Can aya anu bisa nangenan ka mana deui éta virus sumebarna” ceuk hiji dokter.
Teu kungsi lila, éta virus nyebar ka sakabéh provinsi, sakabéh nagri, sakuliah dunya.
Eta carita, laju jadi bahan lahirna puisi, lagu, carpon, novel, drama, nepi ka filem.
“Cacak ayeuna geus aya virus anu kacida rongkahna, komo deui anu ka hareupna!” ceuk hiji apotéker anu keur lieur mikiran obat ayeuna jeung isuk jaganing pagétona.*

Eriyandi Budiman - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya