Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Paéh Buligir

Senin, 22 Juni 2020

RÉA nu geus kacerek, tepi ka dibérokna. Réa pisan. Malah ceuk Kumendan mah geus rék pinuh pangbérokan téh. "Tapi bet kawas nu teu daék béak. Malah asa beuki mahabu. Ngan beuki arapik, tepi ka méh teu kasusud tapakna," Kumendan semu humandeuar. Panonna sibuk mariksa lambaran data targét oprasi nu ngabarak dina méjana. "Tah, kawas nu ieu," cenah bari ngasongkeun sabeundeul data. "Ceuk insting déwék, manéhna siluman beurit nu nyurup dina awak konglomerat. Tapi anéh, datana séhat. Pariksa deui geura!" Salambar-salambar, datana dibukaan. Diimeutan. Enya, beresih. Tapi anéh, ieu haté bet nyaluyuan insting Kumendan. "Kudu ditaranjangan ieu mah."
Isukna, isuk-isuk, Kumendan nyusulan. Datang-datang, langsung ménta data nu kamari. "Targét kapanggih ngagantung di aparteménna," cenah, hariweusweus. "Can pasti, bunuh diri atawa aya nu maténi. Ngan nu pasti insting déwék ngabukti. Targét paéhna buligir, dina jirimna nu asli. Hayu urang ka TKP!" Méméh jung, ngarérét heula ka nu ngalumbuk di kolong méja. Nyéh.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya