Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Teu Maliré

Minggu, 28 Juni 2020

BARANG jol langsung ceg kana rémoté kontrol. Teu ieuh maliré. Ninyuh susu campur madu. Sok dina méja hareupeunna. Teu ditolih. Anteng, ganti-ganti channel TV. Baku ari geus kasandingan jurig Cheetos téh, super cuék. Nyel ambek, “Emang énak dicuékin? Sugan kudu diwarah!” Gejlig, ninggalkeun patengahan. Sup ka kamar bari ngajablogkeun panto. Meunang dangdan sataker kebek rék ngabagéakeun nu datang téh percumah. Buru-buru baju dilaanan. Gap kana simbut. Dirurub. Mending saré kaya kieu mah. Angger, haré-haré.
Duh, lain genah digolérkeun téh, kalah nyeri tonggong.
“Kang, punten ka dieu heula sakedap. Pangnyepengkeun ieu...” Nu digero nyampeurkeun. Ragamang leungeunna ngarampa tonggong. Mimitina siga nu horéam, lila-lila tanagana beuki bedas. Lain saukur mapayan urat-urat tonggong. Leungeunna uyup-ayap kana sagala. Hégak napas mirig ketug jajantung. Sorot panonna ngabaruntakkeun pangeusi dada.
“Hayu atuh, Kang...”, haréwos téh ngan ukur kedal dina haté, da biwir teu bisa engab. Tanagana beuki rosa.*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya