Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Wewengkon Tol

Minggu, 5 Juli 2020

KISUTA.com - Ngahaja balik ka Bandung téh kana Élf. Najan sok pasesedek gé, resep wé, panumpang sok alakrab kawas kulawarga sorangan mun indit-inditan piknik.

Indit ti Kawali téh bada Subuh. Gék wé diuk na Elf nu keur ngetém, gigireun pisan ibu-ibu. Éh, can ibu-ibu teuing kétang. Rada ngoraan saeutik. Taksiran mah paling karék punglak dua. Ngan jiga-jiga kakara nyaba ka kota. Sagala ditatanyakeun. Ka saha baé. Malah ka uing nu sakieu kasépna gé wani noél sagala, nanyakeun sakéhé. Sakapeung olohok. Sakapeung deui jiga nu hélok. Malah mun aya nu dianggapna anéh mah nepika calangap sagala.

Geuleuyeung mobil maju, terus mangprung ka Bandungkeun. Karék nepi ka Cikonéng geus noél, “Ang, kota tea ieu téh?” “Nembé Cikonéng Téh, masih kénéh wewengkon Ciamis,” témbal téh.

Élf mangprung, Si Étéh hélokeun ningali tatangkalan lalumpatan. “Ari ieu di mana, seueur anyaman nu ti lembur geuning?” Kituna téh bari noél. “Tah ieu mah Rajapolah, tos kalebet wewengkon Tasik,” cekéng téh.

Beuki lila disidik-sidik bet aya geulisna ogé. Malah saélf mah boa béntangna. Beuki betah wé diuk napel pagégéyé jeung manéhna téh. Teu karasa geus nepi ka Nagrég.

“Ngawitan luar-léor nya, Ang?” cenah. “Tah ieu nu kocap disebat wewengkon Nagrég téh,” cekéng.

Élf terus mangprung. Asa ngan sajorélat geus nepi deui ka Cileunyi. “Ang, Bandung téa ieu téh?” Nanya deui. “Muhun, nembé wewengkon tol,” témbal téh. “Paingan raos, mani ngageleser kieu,” pokna mani peureum beunta.*

Ki Suta - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya