Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Sajadah Ema

Minggu, 12 Juli 2020

"TONG dipindah-pindah!" Taya nu wantun ngukumaha, ngampar pengkereun pisan paimbaran. "Éta téh mas kawin ti Apa hidep, mun Ema solat na sajadah éta asa diimaman ku anjeunna." Bari jeung saleresna, sajadah éta pisan nu dianggo unggal Ema netepan sanaos tos kaciri semu kucel. Komo saparantos dikantunkeun ku jenatna Apa, can kantos ningal Ema nganggo sajadah nu sanés. Maskét. Sakali waktos, sajadah diseuseuh ku si Bibi. Hideng ti dituna mah, pédah tos lami teu ngambeu cai. Na atuh, si Bibi diseuseulan laklak dasar. Nembé ningal Ema nyeuseul sapertos kitu. Si Bibi, ngayekyek. Ngeluk, rumaos lepat.
Ema téh nyaah pisan kana sadaya barang kakantunan Apa. Mung, kana sajadah mah asa aya langkungna. Malihan mah Ema téh kantos sasauran, omat mun Ema nyusul Apa pangrawatankeun. Duh, bagja temen janten sajadah. Dipikameumeut ku Ema nu soléhah.
Kep. Sajadah ditangkeup pageuh. Laju diambung. Sanaos tos lalayu sekar, seungitna henteu leungit. Sup, disimpen na tumpukan lomari pangluhurna. "Mugia Ema sareng Apa diriksa ku Mantenna." Teu karaos aya nu ngeclak tina juru soca.*

Éboéd - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya